BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Novel nu

Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | pe...

4 downloads 525 Views 141KB Size
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan Novel nu mangrupa hasil tina cipta, rasa, jeung karsa manusa nu raket pisan patalina jeung lingkungan sosial katut budaya nu aya disabudeureun pangarangna. Budaya mangrupa hasil tina cipta, rasa, jeung karsa manusa nu ngawujud kana gagasan, tindakan, sarta benda pikeun nyumponan pangabutuh hirupna. Ku kituna, novel tangtu miboga ajén budaya nu luyu jeung lingkungan sosial budayana, ka asup novel Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata nu mangrupa novel Sunda munggaran. Dina ieu panalungtikan ti mimiti tatahar, ngumpulkeun data, nganalisis data, nepi ka nyusun laporan hasilna bisa dicindekkeun saperti ieu di handap. Novel mangrupa salah sahiji wujud karya sastra modern nu ditulis dina wangun lancaran (naratif) nu nyaritakeun kajadian nu aya dina kahirupan sapopoé. Novel nu mangrupa salah sahiji karya sastra dina wangun lancaran (prosa) miboga struktur (unsur pangwangunna) sorangan nu ngawengku téma, fakta carita (plot, palaku, jeung latar), sarta sarana carita (sudut pandang, gaya basa, jeung suasana). Inti carita dina novel Baruang ka nu Ngarora nya éta nyaritakeun kahirupan rumah tangga Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah nu diruksak ku Aom Usman. Aom Usman nu miboga gelar ménak ngajadikeun manéhna bisa laku lampah sangeunahna, salah sahijina nya éta nyokot pamajikan batur. Lian ti éta, ieu novel ogé pinuh ku ajén atikan sarta papatah sangkan hirup bener. Saperti novel-novel séjénna, ieu novel diwangun ku unsur-unsur (struktur) saperti téma, fakta, jeung sarana carita. Téma tina ieu novel nya éta sosial, nu nyaritakeun kaayaan sosial dina jaman kolonial Walanda, nu harita masarakat pribumi kabagi jadi dua golongan, nya éta golongan ménak jeung cacah. Sedengkeun fakta carita nu aya ieu novel di antarana nya éta galur, palaku, jeung latar. Galur tina ieu novel nya éta ngagunakeun galur mérélé (maju) nu katitén tina kajadian-kajadianna nu ngaguluyur ti mimiti Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah nikah, nepi ka kudu pepegatan, sarta nepi ka hirupna teu puguh. Nu jadi palaku utama dina ieu novel nya éta Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah, sedengkeun

Thaifur Abu Yazid, 2015 Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

83

Aom usman bisa digolongkeun kana palaku kadua nu jadi lawan tina palaku utamana, ogé katambahan ku sababaraha palaku tambahan. Latar nu dipaké dina ieu novel nya éta latar tempat sarta suasana Bandung dina mangsa pamaréntahan Walanda. Sarana carita dina ieu novel ngawengku judul, puseur panitén, gaya basa, sarta suasana. Judul ieu novel geus jelas pisan Baruang ka nu Ngarora, nu hartina racun pikeun nu ngarora, nu éta racun téh nu ngaruksak kana kulawargana Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah. Puseur panitén dina ieu novel nya éta ngagunakeun sawangan jelema katilu nu sarwa nyaho. Gaya basa nu kapanggih dina ieu novel aya sababaraha rupa, di antarana gaya basa personifikasi, simile, litotes, hiperbol, jeung repetisi. Salian éta, aya ogé pakeman basa nu ngawengku babasan jeung paribasa. Sedengkeun ajén budaya dina ieu novel disawang tina sababaraha jenis, nya éta: 1) ajén tiori, minangka idéntitas éta masarakat bisa katitén tina babasan jeung paribasa nu aya dina masarakat, sarta paripolah éta masarakat; 2) ajén ékonomi, minangka paédah (nilai guna) barang nu ngarojong pikeun nyumponan pangabutuh hirupna nu saluyu jeung kaayaan alam sabudeureunana; 3) ajén éstétik nu nyangkaruk dina ieu novel nu katitén tina cara ngagunakeun basa nu murwakanti; 4) ajén politik nu timbul dina éta masarakat nu diakibatkeun ku sistem pamaréntahan jaman harita; sarta 5) ajén sosial, minangka gambaran kondisi masarakat nu kabagi jadi dua golongan, sarta sikep masarakat dina campur gaul jeung masarakat nu séjén. Ajén budaya dina ieu novel ogé katitén tina unsur-unsur budaya nu kasampak dina ieu novel, saperti sistem kapercayaan, sistem organisasi kamasarakatan, sistem basa, sistem pangaweruh, kasenian, sistem pakasaban, sarta sistem pakakas jeung téknologi.

5.2 Saran Sanggeus ngayakeun panalungtikan ngeunaan struktur jeung ajén budaya dina novel Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata, di dieu aya sababaraha hal atawa saran, boh saran pikeun masarakat, sakola, boh mahasiswa atawa panalungtik séjénna, di antarana:

Thaifur Abu Yazid, 2015 Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

84

1) Masarakat Pikeun masarakat dipiharep bisa ngarobah pola pikirna kana karya sastra (hususna novel) yén dina novel atawa karya sastra séjénna miboga ajén budaya, ku kituna ku cara maca karya sastra dipiharep masarakat bisa leuwih apal kana budayana sorangan. Salian éta ieu hal bisa jadi ajang pikeun ngamumulé sarta miara budaya sorangan sangkan masarakat Indonésia (hususna Sunda) teu leungiteun idéntitas dirina, sabab budaya mangrupa cicirén hiji bangsa. 2) Sakola Pikeun sakola teu jauh béda jeung masarakat, sabab ajén budaya kudu diwanohkeun ka budak ti leitik kénéh, sangkan jadi générasi panerus nu teu leungiteun idéntitas bangsana sorangan. 3) Mahasiswa/Panalungtik Pikeun mahasiswa sarta panalungtik nu séjén ulah bosen ngulik ngeunaan budaya, hususna nu aya dina karya sastra. Sabab budaya bisa mekar luyu jeung jaman, dina ieu panalungtikan nalungtik ngeunaan budaya nu aya dina jaman kolonial Walanda, dina karya sastra Sunda nu séjénna tangtu miboga ajén budaya séjénna nu luyu jeung mangsana. Sarta dipiharep bisa leuwih ngajembaran élmu ngeunaan budaya jeung sastra, sarta dipiharep bisa ngalengkepan kakurangan- kakurangan nu aya dina ieu panalungtikan.

Thaifur Abu Yazid, 2015 Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu